Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta
Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna
kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu
téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna
téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana
kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka
imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja
mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak.
Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun
kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah
dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung
sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun
sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku
sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan
ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka
ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé
geus bérés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan,
solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari
teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya
sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan,
nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé,
ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah.
Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari
jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu,
“Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”
Ngomong
kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar
tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab
aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti
mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum.
Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal
salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai,
tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut
tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi
Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh
sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna.
Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi
situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar